Rabu, 01 Juli 2009

HARIRING ASIH DIBURUAN

Hariring Ema masih ngagalindeung isuk tadi
basa Ema metik kembang di buruan
ku halimpu mawa ayem, nyandak tengtrem
pinuh ku geter asih tansah sirna



Duh Ema...ku matak nineung
basa Ema nyisipkeun kembang dina sanggul
bodas atra daunna katebak angin
hiliwir seungitna ka lebah abdi
teuteup geugeut, lambey ngagelenyu imut..


Sore ieu ......., basa ngawaskeun buruan
kalangkang Ema ngagupayan ti jauhna
siga-siga metik kembang sabiasa
galindeungna nancep maneuh dina hate
kacandak sumilir angin tansah sirna.


_______________________

Puisi ini ku persembahkan
teruntuk Ibuku dan Ibu mertuaku tercinta